Pengertian Carita Pantun

 nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan  Pengertian Carita Pantun
Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasanya dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.

Carita pantun teh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.

Upama nililk kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan contoh nu sarua, nyeta ngalalakonkeun Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa neangan pijodoeun. Ari contoh jalan carita pantun umumna teh kieu : Satria ngalalana, upamana bae karena neangan putri piprameswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna pahlawan pajajaran teh unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.

Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyaeta galur leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nyaeta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan ruruntuyan kajadian dina unggal episodeuna. Dina pungkasan carita, anu ngalalakon teh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna.

Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay teh henteu rea. Contona : pantun ciung wanara, lutung kasarung, jeung mudinglaya di kusumah. Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay teh, umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran).

Upama nilik kana wangunna, carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun kusababaraha kepingan : aya kepingan rajah, kepingan deskripsi, kepingan narasi, obrolan jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah.
Baca selengkapnya : Bagian Carita Pantun : Rajah, Deskripsi, Narasi, Dialog, Monolog, jeung Rajah Panutup

Related : Pengertian Carita Pantun

0 Komentar untuk "Pengertian Carita Pantun"

DUKUNG KAMI

SAWER Ngopi Disini.! Merasa Terbantu Dengan artikel ini? Ayo Traktir Kopi Dengan Cara Berbagi Donasi. Agar Kami Tambah Semangat. Terimakasih :)