Pengertian Artikel Dalam Basa Sunda

Pada kesempatan kali saya akan membahas mengenai pelajaran  Pengertian Artikel dalam Basa Sunda
Pada kesempatan kali saya akan membahas mengenai pelajaran Basa sunda ialah Pengertian Artikel dalam Basa sunda. Langsung saja simak selengkapnya dibawah ini


Pengertian Artikel Basa Sunda

Artikel nyaeta essey anu dimuat dina media massa saperti surat kabar, majalah, atawa internet. Ari eusina dapat mangrupa karya ilmiah, opini, atawa sawangan jeung pamadegan langsung kana hiji hal, laporan lalampahan, atawa laporan ngeunaan kaayaan, dapat oge kritik kana hiji pasualan atawa kaayaan.


Macem-Macem Artikel Sunda

Upama nilik kana eusina artikel teh dibagi jadi 5, nyaeta:
  1. Artikel Narasi, nyaeta artikel anu nyaritakeun situasi atawa kanyataan boh dumasar kana runtuyan waktu boh kana runtuyan kajadian. Dina artikel narasi tangtu bae kudu aya tokohna. Sakumaha umumna dina carita, dicaritakeun lalampahan si tokoh dina nyanghareupan hiji kaayaan, konflik jeung pait peukeurna kahirupan.
  2. Artikel Deskripsi, nyaeta artikel anu ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian luyu jeung kanyataan atawa fakta nepi ka kabayang ku nu maca.
  3. Artikel Eksposisi, nyaeta artikel anu medar hiji jejer. Bisa mangrupan pedaran, ngeunaan wangenan, atawa bab tina gunana hiji konsep atawa dapat oge mangrupa lengkah-lengkah, cara-cara, atawa proses migawe hiji hal.
  4. Artikel Argumentasi, nyaeta karangan anu diwuwuhan ku alesan-alesan, kasangtukangna mangrupa kritik kana hiji kasus atawa pamadegan. Cirina biasana aya opini (sawangan/kamandang) langsung tapi didasaran ku fakta jeung nepi ka katasima ka nu maca.
  5. Artikel persuasi, atawa disebut oge artikel pangjurunglaku atawa motivasi anu eusina mangrupa pangajak pikeun ngalakukeun hiji hal anu dianggap aya manfaatna.

Related : Pengertian Artikel Dalam Basa Sunda

0 Komentar untuk "Pengertian Artikel Dalam Basa Sunda"

DUKUNG KAMI

SAWER Ngopi Disini.! Merasa Terbantu Dengan artikel ini? Ayo Traktir Kopi Dengan Cara Berbagi Donasi. Agar Kami Tambah Semangat. Terimakasih :)